Makna lapadz Ta'awud

taawudلبسـم الله الرحمن الرحيم

 أََعُوْذُ >> Fi'il mudore ; marfu ( diropakeun ) ngarupakeun fi'il mu'tal ajwaf sabab hurup kadua nyaeta  wau (و ) asal kata tina أََعْوُذُ ku wajan ap'ala dhomah nu di luhur و di buahkeun kusabab ngarasa beurat jang ucapan ukuran urang arab.terus ain di dhomahkeun,fa'ilna nyaeta dhomir,dhomirna dhomir mustatir nyaeta ku ayana hamjah di awal kalimah.
بِااللهِ >> ba haraf jar tugasna ngajeerkeun (jar majrur)kusabab aya hurup jar,kalimah anu ngahubungkeun أََعُوْذُ
مِبَ الشّيطََانِ >> hurup مِبَ jar majrur kana hurup jar ,الشّيطََانِ isim tina majrur kusabab aya hurup nu ngajeerkeun nyaeta مِبَ Mutaaluq kana kalimah أََعُوْذُ .
الرّجِِيْمِ >> nyaeta na'at tina الشّيطََانِ nyaeta anu mere sifat syaitan anu dikutuk.majrur oge sabab I'rob na'at nyaeta anu milu nu disebut ma'nutna.

sakali deei:
 اعوذبا الله من الشيطآ ا لرّجِِيْمِ 
Arti اعوذ sacara harfiah nyaeta abdi nyalindung.,با الله nyaeta hurup kosam atawa hurup sumpah.اعوذ fiil mudore,من الشيطآ ا لرّجِِيْمِ nyaeta tina syetan anu di kutuk.
Kalimah ta'awudz ini ngandung arti abdi sumpah ka Allah saenyana syetan anu di kutuk jeng abdi oge anu ka goda oge ka kutuk.

Kumargi kitu baraya mangga eta kalimah ta'awudz urang pigawe sing jadi gawe sapopoe anu rancage,saban ringseu,saban polah saban lieuk ka kenca jeung kakatuhu hayu eta kalimah di pigawe sing asup kana diri miraga sukma kana awak,margi dina kalimah ta'awudz eta aya nun ngandung makna kadewasaan,jadi baraya,urang kudu ngabogaan pemikiran anu dewasa ( kolot ).

 firman Allah swt :
 Q.s An'nahl:98  فَإذا قُرَءْتَ القراَنَ فَاسْتَعِذ بِآلله مِنَ الشَيْطَا نِ الرجِيم
Artina :Dimanamana maca Al-quran,maka mohon perlindungan ka Allah swt tina godaan syetan anu di kutuk.

Kasimpulan : pami bade ngalalukeun nu di anggap hade saur syara mangga kawitan ku kalimah ta'awudz.

wallahu..

Artikel Terkait


EmoticonEmoticon