Nadoman rundayan kangjeung Nabi Muhammad Saw
Jeung Nabi utusan ALLAH .................. MUHAMMAD putra Abdulloh
ABDULLOH putra Mutholib ............... MUTHOLIB putrana Hasyim
HASYIM putra Abdi Manaf................... ABDI MANAF putra Qushoy
QOSHOY putrana Kilab ................... KILAB putrana Muroh
MUROH putrana Ka'ab..................... KA’AB putrana Luay
LUAY putrana Golib.........................GOLIB putrana Fihir
FIHIR putrana Malik......................... MALIK putrana Nadhor
NADHOR putra Kinanah.................... KINANAH putra Huzaimah
HUZAIMAH putra Mudrikah ................ MUDRIKAH putrana Ilyas
ILYAS putrana Mudhor................... MUDHOR putrana Nizar
NIZAR putrana Ma'ad........................ MA’AD putrana ‘Adnan
Nu wajib dugi ka Adnan........................Haram ngunikakeunnana
Ti ADNAN dugi ka ADAM....................Margi taya jalan shoheh
WAJIB deui uningana............................Rundayana ti Ibuna
MUHAMMAD Ibni ABDILLAH................Ibuna SITI AMINAH
AMINAH putrana Wahab...................WAHAB putra ‘Abdi Manaf
‘ABDI MANAF putra Zuhroh................ZUHROH putrana KILAB
Tepang deui jeung ramana...................Ti KILAB Jangkawarengna
Janteub Ibu sareng Ramana.................Masih keneh sarundayan
EmoticonEmoticon