Nganiyaya ngajailan ....Teu aya pisan ras rasan
Para sohabat kungsi ngalih .. Ka Negeri Habsi nu tebih
Di dinya Anjeuna linggih....Kira kenging tilu sasih
Samulih sohabat ti habsi .............Kacarios Kangjeung Nabi
Kenging pohara cocobi ................Kersana nu Maha suci
Uwana sareng garwana .................Pada pupus duanana
Harira Nabi yuswana .....................Ka lima puluh tahuna
Geus pupus Siti Khodijah ............Nikah ka Siti Saodah
Sareng ka Siti Aisyah .................Ummil mukmin katelah
Tidinya kersa pangeran .................Maparinan ka mulyaan
Ka Nabi nu akhir jaman .................Kakasih nu sifat Rohman
Nuju tanggal tujuh likur ................Bulan rajab nu ka catur
Nurut kaol anu mashur ................Kangjeung Nabi teh di saur
Dipapag ku Malaikat ......................Nyandak Burok nu ka sebat
Leumpangna teh cara kilat .............Tungganganan Nabi angkat
Ti Mekah ka Baetulmukadas ........Teu ngangge lami antawis
Ku jalma heunte ka tawis .............Kersana Gusti nu wacis
Ti baetulmukodas terasna ..............Naekna tangga gancangna
Mi'raj tea kasebatna ......................Ka langit Nabi sumpingna
Tujuh langit sadayana ................Jeung Aras nu pangluhurna
Di sumpingan sadayana .............Katut Syurga Narakana
Kangjeung Nabi di timbalan ...........Ku Gusti nu sifat Rohman
Anjeuna kudu netepan ..................Sholat muji ka Pangeran
Kabeh jalma anu iman ................Sami pada ngawajiban
Sholat nu lima giliran ..................Heunte menang di kurangan
Sholat eta minangkana .................Dina agama tihangna
Jalma nu luput sholatna ................Nyata rubuh agamana
Kacarios dina jaman ...................Mi'rajna Nabi panutan
Yuswana teh ka leuresan .............Lima puluh dua jalan
Kafir Mekah kacaturkeun ..............Barang Nabi nyarioskeun
Mi'raj lain di mulyakeun ................Anggur pada nyeungseurikeun
Pada hasud ngakalakeun ...........Ti dinya Allah ngersakeun
Kangjeung Nabi di alihkeun ........Ka Madinah di sirnakeun
Para sohabat pirang pirang ...........Nu bumela milu iang
Milu ngalih sewang sewang ..........Heunte pisan sumoreang
Nadoman Kangjeung Nabi nu saterasna..
EmoticonEmoticon