Nadom Kangjeng Nabi SAW

Tags

hdsk11


Nadoman 
kanjeung Nabi Muhammad Saw

(ku bahasa  bahasa sunda)

بســـم الـلـه الـر حـمن الـر حـيـم

Nabi urang sadayana _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _Kangjeung Nabi anu mulya
Muhammad jeunenganana _ _ _ _  _ _ _ _ _Arab Qures nya bangsan

Ramana gusti Abdullah  _ _ _  _ _ _ _ _ _ _ Ibuna Sitti Aminah
Dibabarkeuna di Mekah _ _ _ _ _ _ _ Wengi senen tahun gajah

Robiul awal bulana _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _Tanggal ka duabelasna
April bulan masehina _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _Tanggal ka duapuluhna

Ari bilangan tahuna _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ Limaratus cariosna
Tujuhpuluh panambihna _ _ _ _ _ _ _ _  Sareng sahiji punjulna

Siti Aminah misaur _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _Waktos babarna kacatur
Ninggal cahaya meni ngempur_ _ _ _ _ _ _ Dibumina hurung mancur

Babar taya kokotoran _ _ _ _ _ _ _ _ Orok lir kenging nyepitan
Soca lil kenging nyipatan_ _ _ _ _ _ Sarta harum seuseungitan

Medal nabi akhir jaman _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _Pirang pirang ka anehan
Sesembahan bangsa syetan _ _ _ _ _ _ _ _ Kabeh pada karuksakan

Nabi yuswa lima bulan _ _ _ _ _ _ _ Tos tiasa angkat angkatan
Yuswana salapan bulan _ _ _ _ _ _ _ _ Tos capetang sasauran

Yuswana sapuluh bulan _ _ _ _ _ _ _ _ _  _Tiasa ameng papanahan
Ngelehkeun budak nu lian _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ Tapi tara kumagungan

Parangina kangjeung Nabi _ _ _ _ _ _ _ _Jatnika pinuh ku puji
Pinter tur geude ka wani _ _ _ _ _ _ _Sobar nyaah ka sasama

Keur opat tahun yuswana _ _ _ _ _ _ _ _ _Di beureusihan manahna
Nabi di beulah dadana _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _Malaikat nu meulahna

Jibril kadua rencangna _ _ _ _ _ _ _ _ _ Mikail jeuneungannana
Ngeusikeun kana manahna _ _ _ _ _ _ _Ilmu hikmah sapinuhna

Tuluy dada kangjeung nabi _ _ _ _ _ _ _ _Gancang di rapetkeun deui
Sarta teu ngaraos nyeri _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _Di hap ku hotamin nabi

HArita Nabi ayana _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ Di leumbur ibu inangna
Halimah jeuneungan nana _ _ _ _ _ Sadiyah ngaran leumburna

Rama Nabi kacaturkeun _ _ _ _ _ _ _ _  _ _ _Pupusna kacarioskeun
Basa Nabi di babarkeun _ _ _ __ _ _ _ _ _Dua sasih ka unggeulkeun

Keur lima tahun yuswana _ _ _ _ _ _ _ _Di tinggal pupus ibuna
Tuluy di rawat eyangna _ _ _ _ _ _ _ _ Abdul Mutholib asmana

Kersana Robul Alamin _ _ _ _ _ _ _ _ _ _Kangjeung Nabi nu prihatin
Yuswa dalapan tahun yakin _ _ _ _ _ _ _ _ _ Eyangna mulih ka batin

klik lanjutan Nadom kangjeung Nabi....

Artikel Terkait


EmoticonEmoticon