Nadom Kangjeung Nabi

Tags

  ( Nadoman kangjeung Nabi hal 2 )

             Saba'da wafat eyangna ......................Nabi di rawat uwana
             Abi tholib kakasihna...........................Saderek teges ramana

                       Kangjeung Nabi seuring pisan.............Di candak ka nagara Syam
                       Sok nyandak barang dagangan...........Didinya teh pajeung pisan

          Kacatur di eta negeri..........................Loba pandita yahudi
          Sarta pandita Nasrani.........................Nu tepang jeung Kangjeung Nabi

                       Sadayana sasauran...........................Ieu jalma moal nyalahan
                       Pinabieun akhir jaman.......................Tauret injil geus ngibeuran

           Sifat nabi panggeusan.......................Aya di anjeuna pisan
           Harita loba nu iman...........................Ka Nabi ngangkeun panutan

                       Lami - lami kangjeung Nabi................Disambat ku hiji isteri
                       Dagang ka unggal Negeri...................Ka untungana di bagi

            Isteri jeuneungan Khadijah.................Putra Khualid ka telah
            Nu pang beungharna di Mekah...........Ka Nabi kalangkung nyaah

                      Siti Khadijah masrahan......................Ka Nabi barang dagangan
                      Maesaroh nu ngarencangan.......... .....Ka Nabi purah nyarengan

             Kacarios Maesaroh...........................Loba papendakna aneh
             Ciciri Nabi nu sholeh.........................Matak ngaherankeun kabeh

                      Tatangkalan uluk salam.....................Mega bodas sok mayungan
                      Jeung aya cap kanabian....................Dina salirana pisan

              Papendak Siti Khodijah....................Cocok pisan jeung MAesroh
              Akhirna Siti Khodijah........................Ka Nabi mundut di tikah

                      Harita yuswana Nabi ...................... Salawe tahun ka warti
                      Ngadak-ngadak sugih mukti ........ ....Tapi tambah sa aati

              Kareusepna Kangjeung ....................Nabi Ka gusti Allah ngabakti
              Di gunung Hiro maranti .....................Ibadahna saban wengi

                      Di dinya jol ka sumpingan .................Jibril nunurunkeun Qur'an
                      Kalawan dawuh pangeran .............  ...Nabi di damel utusan

              Harita yuswana Nabi .................. .....Opat puluh tahun ka warti
              Di utus ku Allah pasti .......................Nyebarkeun Agama Suci

                      Anu iman pangheulana ......................Siti Khodijah garwana
                      Abu Bakar ka duana ................ ... ....Sohabat nu pang mulyana

               Murangkalih nu nonoman ..................Anu pangheulana iman
               Sayidina Ali pisan ............................Ka Nabi saderek misan

                     Jeung ari jalma beulian ......................Anu pangheulana iman
                     Sayidina Billal kaleuresan ..................Anu jadi tukang adzan


Klik kanggo Nadoman Kangjeung Nabi nu saterasna
Makna Shalawat
Ilmu Tauhid

Artikel Terkait


EmoticonEmoticon