Definisi Ikhlas

Panduan kitab Tijan ad daruri Syekh Muhammad Nawawi Al Jawi
diajar ngawincik diri geusan harti da emang nyaah kana diri.

ikhlas
لبسـم الله الرحمن الرحيم

قوله : والتصد يق والاخلاص
Hartosna jeung eta tetep tina sabagian kawajiban bangsa hate teh nyaeta Tasdik jeung Ikhlas

Penjelasan

 والتصد يق 
bener tekad, niat, bener tingkah polah heunte meunang ngelehkeun batur.
Ari Tasdik teh nyaeta kereutegna atawa ngucapna hate Ridho abdi kana perkara anu tos di candak ku kanjeng Rosullulah saw.Ku ridho eta bakal beunerkeun diri sorangan,bener tekad ,jeung rengkak tingkah polah urang.Ridho ieu ka asup rengrengan nafsu Mutmainah.

والاخلاص
beresihna hate tina ria dina amal.Ikhlas ieu ka asup rengrengan nafsu Rodiah.
Ari Ikhlas eta kabagi 2 :
                     1.Ikhlas ngalakukeun to'at boh wajib boh sunnah.
                     2.Ikhlas ningalkeun ma'siat boh haram boh makruh.

Jalma ikhlas kabagi kana 4 :
1. Ikhlas Mubtadi ( مبتـدى  )
    nyaeta anu beramal karena Allah Ta'ala ngan dina hate aya kahayang anu patali
    jeung kadunyaan.
2. Ikhlas 'Abidin ( عابـدين  )
    nyaeta anu beramal karena Allah Ta'ala heunte ria teu aya patali jeung kadunyaan
    tapi hayang asup ka surga jeung sieun ku naraka.
3. Ikhlas Muhibbin ( محبيب  )
    nyaeta anu beramal karena Allah Ta'ala teu hayang sawarga jeung sieun ku naraka,
    ngalakonan soteh bukti ngalaksanakeun parentah bari ngagungkeun
    ka Allah Ta'ala.
4. Ikhlas Arifin ( محبيب  ) 
    nyaeta beramalna teh boga rasa dirina di usik malikeun ku Allah Ta'ala,rasana
    lain diri anu keur ibadah, tapi lalajo diri keur di usikeun ku Allah Ta'ala
    sabab diri teu boga daya upaya ngalakonan to'at jeung nyingkahan maksiat.

Anu ngancurkeun kana pahala Ibadah nyaeta aya 4 rupa :
1. Nifak    :  munafek
2. Ria      :  amal karena manusia
3. Manu   :  ngagonggorokan
4. 'Ada     :  nganyeunyeuri

walahu

Artikel Terkait


EmoticonEmoticon