لبسـم الله الرحمن الرحيم
الحمدالله رب العلمين
Sadayana puji eta tetep kagungan Allah swt . ( Q.S Al-fatihah :2 )
Asal kata tina hamdu (/=pujian atanapi bisa oge diartikeun puji tapi lain nu disebut kata kerja tapi puji didieu di arikeun kana pagawean )
Alhamdu nyaeta kalimah isim,sedeng hamdu nyaeta masdar tina fi'il .. hamida>>yahmadu>>hamdan...
Jadi الحمد nyaeta lapadz حمد ditambahkeun ا ل nu hartosna alhamdu nyaeta sagala puji.

Duka teu terang duka hilap ,sok aya dina ceramah atanapi pidatona pa ustad nganggo bubuka " Urang sanggakaeun puji ka Allah Swt..." cobi emut ??? kan jelas tadi oge sadayana puji kagungan Allah Swt,nu ceramah nyarios urang sanggakeun puji..gaduh ti mana ari anjeuna ??maling puji anu Allah swt,bangsrat atuh pami kitumah,te napak cariosan teh sareng لا حول ....
Sagala puji mutlak Milik Allah Swt
Pami di kaitkeun dina tauhid mun manusa ngaku pujian teh di tujukeun ka anjeuna,sarua wae ngaku milik Allah swt.ngarasa ngaku sebagai tuhan,padahal jelas puji hanya miliknya Allah swat.
Dilarang muji jalma lian,eta oge lain artina urang ngarendahkeun jalma lianna,antar mahluk tetep urang kudu saling hargaan.mun memang ngabogaan jasa ka jalma lian,sapantesna haturnuhun kana jasa nu geus di bikeun,tapi ulah leuwih leuwih ,bisi pujian ngarasa ngaagungkeun manehna nu antukna manehna ngarasa geude hulu.
Mun meunang pujingan hal nu pantes balikeun deui eta pujian teh kanu kagungan nyaeta Allah swt ,caranya hal nu umum di masyarakat ku ngucap الحمدالله.
ال eta salain al istighrok ,hurup ا jeung ل di lapadz الحمد eta oge ngabogaan ciri makrifat nyaeta nu ngahususkeun kasaha eta pujian nu sakuduna di tuju jeung naon pujiana.
conto.... hey kamu baik,,maka di jawab الحمدالله
maknana naon nu di maksud kata ngucap الحمدالله ? sagala puji mung milikna Allah swt sebab mung Allah nu tos ngadamel kabajikan ka urang sarerea jeng nu tos masihan kasempatan nyieun kahadean.pasti tina eta mere kakuatan jang nyieun kahadean anu ngalahirkeun pujian .di dieu make kata "sagala"nu di tuju Allah swt jeung alasan lahirna pujian eta jadi loba.
pan aya puji di bagi kana katagori : puji kodim ala kodim,puji kodim ala hadis,puji hadis ala kodim jeng puji hadis ala hadis.
Jadi urang tong ngareupkeun pupujieun,hal eta matak ngarugiken,kesana saperti sombong ngarasa diri lebih sagalana ti jalma lian ,kadituna adigung geude hulu,buntangul,
Ngahormat jeng ngahargaan jalma lian eta perlu tapi lani ngandung arti ngatuhankeun sahingga ngarasa leuwih luhur darajatna.
Wahai saudara ku ingatlah di hadapan Allah swt jalma sarua darajatna rekep dengdeng papak sarua.
maka teu wajar jalma ngarendahkeun atawa ngaluhurkeun darajat jalma lain ku alesan narima atawa mere pujian..wallahu
![download[4]](https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEi4IkJkaHzZrz8vWrsa3rin6V4nsOyWkkjnyxP6OCEURzX5ajADEtTwcLnFcfYyf8DSesw2yzAP__4-WtTPZsJm1YUKUMZPIXU5I2l7-3tDImJmaNFuJ9ijgu3LFjsl9XhZDHv5eDCw-5sR/s320/button-download-animated.gif)
EmoticonEmoticon