Tauhid

Pelajaran ilmu tauhid pengajian rutinan...
 *kitab Tijan ad daruri Syekh Muhammad Nawawi Al Jawi
لبسـم الله الرحمن الرحيم

قوله : الحمـد الله رب العـا لميـن
والصـلاة والـسلام على رسول الله صل الله عليه وسلم .وبعد
Hartosna : Ari sadayana puji eta tetep kagungan Allah Ta'ala anu mangerana sakabeh alam.
Sareng ari rohmat Allah sareng kasalametan eta muga tetep  ka kanjeung Rosulullah saw.

tauhidBahasan  لبسـم الله  dina ilmu tauhid :
hartosna : لبسـم الله الرحمن الرحيم
               ngawitan sim abdi kalawan menta pitulung ka dzat anu kagungan nami ( asma) Allah Swt anu maha welas tur anu maha asih.
الحمد لله رب العا لمين
Penjelasan :
Ari piji eta aya 4
1.  Puji Allah ka Allah,seperti
وهو العلى العظيم                                          
hartosna : Ari gusti Allah eta anu maha luhur tur anu maha agung.
2.Puji Allah ka mahluk
ان الله اصطفى ادام. الايه
hartosna : Saestuna Allah Ta'ala parantos nyelir ka kanjeung nabi Adam as.
3.Puji mahluk ka Allah Ta'ala,seperti mahluk maca :
 سبحان اللـه . الحمـدللـه  . اللـه اكبر

   a. سبحان اللـه  Maha suci gusti dzat Allah Ta'ala ,anu ngadamel abdi
      ,anu nyiptakeun abdi , anu ngawasakeun abdi , anu nyageurkeun abdi
      , anu tiasa ngaleungitkeun masalah anu ngait  kana diri abdi.
   b. الحمـدللـه  eusina 3 :
                 -  الحمـدللـه    diri di bere ka imanan.                                                  
                 -  الحمـدللـه    diri di bere ka islaman                                                    
                 -  الحمـدللـه    di jaga tina maksiat.
   c. اللـه اكبر  hartosna gusti Allah anu maha gagah , maha wisesa , iyeu
     mahluk anu baradag moal tiasa nandingan aknarna Allah Ta'ala,diri anu
     leutik lir titik di tengah lautan teu walakaya teu aya daya jeung upaya.
4.Muji mahluk ka mahluk : seperti urang muji ka nabi.

Jadi puji anu 4 teh kudu di tekadkeun puji anu Allah Ta'ala lain puji anu mahluk sanajan mahluk muji ka mahluk.
wallahu
next kana pelajaran Tauhid salajeungna 

Artikel Terkait

This Is The Oldest Page


EmoticonEmoticon