Makna Sholawat

*kitab Tijan ad daruri Syekh Muhammad Nawawi Al Jawi.
  Pelajaran ilmu tauhid pengajian rutinan...

sholawatSholawat
لبسـم الله الرحمن الرحيم

 قَوْله : والصَّـلَا ةُ وَالسَّـلامُ عَلَى رَسُوْ لِ الله صَلَ اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَم  .وبحد.
Hartosna : Sareng ari rohmat Allah jeung kasalametan Allah ta'ala eta muga tetep ka Rosulullah Saw.


Penjelasan
Ari kecap sholawat lamun di sarandekeun ka Allah,sholawat ti Allah ta'ala hartina Rohmat, lamun sholawat ti malaikat hartina Istigfar, lamun sholawat ti mu'min hartina Do'a.

Allah ta'ala ngadawuh dina Al-Quran :

اِنَّ الله ( رحمة ) وَمَلَاءكَتَهُ ( استغفار ) يُصَلُونَ عَلَى النَّبِي يَاَيهآ لذِ يْـنَ اَمَنُوْ ( دعاء ) صَلواعَليْهِ وَسَلمواتَسْلِيْمـًا
Rosul ngadawuh dina hadist :

اِنَّ الله تَعَا وَمَلَاءكَتَهُ يُصَلُونَ عَلَى اَصْحَابِ العَمَاءمِ يَوم الجُمْعَةِ 
hartosna : Saenya enyana Allah ta'ala jeung malaikat mca sholawat ka jalma nu marake shorban dina poe jumah.

Ciri umat anu cinta ( mahabbah ) ka Rosul nyaeta nuturkeun naon naon anu di carioskeun ku Rosulna.
Makna Mahabbah ka bagi 3 : 
1. Mahabbah Bi Ma'na Rohmat.
    cinta atawa mahabbah anu ngabogaan ma'na nyaah atawa welas.
    contona : cintana indung bapa kanu jadi anakna.
2. Mahabbah Bi Ma'na Mawaddatawarohmah.
    cinta atawa mahabbah anu ngabogaan ma'na bogoh jeung nyaah.
    contona : cintana salaki ka pamajikan atawa sabalikna.
3. Mahabbah Bi Ma'na Mutaba'ah.
    cinta atawa mahabbah anu ngabogaan ma'na nurut.
    contona : cintana umat ka Nabina atawa ka Rosul.

Pangutama-utamana maca sholawat make sayidinna ( سيدنا  ) sabab mangrupakeun ciri panghargaan ka Rosul.
Rosil teh nyaeta jalma anu punjul ngaliwatan anu sejen. مَنْ فَا قَ غَيْرَهُ
"kangjeung Nabi teh pangmulyana ti urang sarerea golongan anak adam
  اَشْرَفَنَا مَعَا شِرَ الا دمِيينَ
wallahu    

Artikel Terkait


EmoticonEmoticon